Sabtu, 08 Februari 2014

HUMOR URANG SUNDA


PENTING SARENG MANFAAT NGAROKO
PENTINGNA NGAROKO: 
(1) Mantuan pamarentah dina raraga ngurangan jumlah penduduk. 
(2) Mere pagawean ka patugas pemadam kebakaran. 
(3) Mantuan suksesna program KB, lantaran ngaroko bisa ngaganggu janin. 
(4) Haseupna bisa ngusir reungit, pamajikan, budak, mitoha jeung babaturan. 
(5) Mantuan ningkatkeun produksi obat batuk. 
(6) Ningkatkeun kakayaan nu boga pabrik roko.  
MANGFAAT NGAROKO: 
(1) Moal huisan, sabab nu nyandu ngaroko ti bubudak mah saacan 40 taun geus maot. Ari huis umumna kaluar sabada umur 41 taun. 
(2) Moal kagarongan, sabab gawena batuk wae. Garong oge moal wanieun asup ka imah lamun pribumina nyaring (batuk). 
(3) Moal digegel anjing, sabab dimana dibere umur panjang, leumpangna bakal rarampeolan, tangtu make iteuk. Ari anjing pohara sieuneunana ku iteuk teh.

TIPS ANEH
Dua tips anu kedah dipiemut ku kaum ibu, nya eta:
(1) Upami caroge alim ngabohong, ulah sering ditaros.
(2) Upami caroge hoyong emut kana tanggal pernikahan, saena pernikahan teh dilaksanakeun pas dina tanggal ulang taunna.

LEPAT NYIPTAKEUN LAGU 
Kedahna urang teh aya kawantun ngagentos rumpaka lagu "Halo Halo Bandung". Mangga we, naha leres . . . Halo Halo Bandung, ibu kota Periangan ? Apan Bandung mah ibu kota Jawa Barat ?

CARITA KANG OCAD 
"Kang Omon, itu Ule nuju catur tumpangan artos !" aya budak lapor.
"Astagfirullohaladzim, budak atah adol. Batur mah puasa, ieu kalah catur tumpangan duit ?" tembal Kang Omon bari kekerot.
"Tapi abdi ningal, Ule tos 15 kali kenging," ceuk eta budak nyarita deui.
"15 kali meunang ? Alhamdulillah, memang bulan puasa mah pinuh barokah," tembal Kang Omon semu atoh.

Aya dua bos anu sosobatan, ngaromongkeun supirna masing-masing.
bos 1 : “kang, apal teu supir urang nu goblog tea?”
bos 2 : “kunaon kitu?”
bos 1 : “kadieu gera urang tunjukeun!” terus manehna ngageroan supirna. ”Kin’, kadieu! iyeu aya duit saratus rebu, cik pang meulikeun mercy hiji ka showroom!”ceuk bos 1 bari nyodorkeun duit saratus rebu tina sakuna..
Ikin(supir bos 1) : “Muhun, mangga pak!” becir weh langsung ka Showwroom
Bos 1 : “Tuh pan bener? ma’enya dibere duit saratus rebu bisa meuli mercy!” ceuk bos 1 ka bos 2
bos 2 : ” ah eta mah can nanaon atuh, supir urang leuwih-leuwih goblogna!” ceuk bos 2 bari terus ngageroan supirna “Can, kadieu!”
Acan (supir bos 2) : “muhun pa’ aya naon?” bari gura-giru nyampeurkeun bos 2 : “San, cik pang nempo’keun ka imah, bapa aya diditu teu?”
Acan : “Mangga pak!” belenyeng lumpat muru ka imah bos 2.
bos 2 : ” tuh pan?! Puguh urang keur aya didieu”
Teu dihaja kadua supir eta teh panggih di Jalan, terus curhat hiji jeung nu sejena
Ikin : “Can, urang mah boga bos teh goblog pisan nya?! ma’enya tadi urang dibere duit saratus rebu titah meuli mercy ka showroom gera?”
Acan : “naha kitu kumaha?”
Ikin : ” Apan ieu teh poe minggu, atuh kabeh show roomna oge pan TUTUP!”
Acan : ” Ah teu sabaraha eta mah, Bos aing mah leuwih goblog deui!”
Ikin : ” Naha kumaha kitu?” ceuk Ikin panasaran
Acan : ” Maenya kuring dititah balik heula ka imah, titah nempo manehna aya euweuh,cenah!”
Ikin : ” harrr kituh…terus kumaha?”
Acan : ” nya atuh padahal pan manehna oge mawa henpon,nya tinggal nelepon atawa sms we ka imahna!!”

 Bahasa Sunda itu jauh lebih
mudah daripada bahasa Inggris
buktinya:

1. Inggris = Spending a lot of
time with doing nothing
Sunda = Ngajedog

2. Got hit by a truck that is
moving backward
Sunda = Katabrak treuk

3. Talk too much about
unimportant things
Sunda = Ngacapruk

4. Fall backward and then hit
own head
Sunda = Ngajengkang

5. Falling forward and may hit
own face
Sunda = Tikusruk

6. A small sharp thing,
embedded inside one finger's skin
Sunda = Kasura

7. Have much less knowledge
Sunda = Belegug

8. A little chair made from
woods
Sunda = Jojodog

9. People who always annoy
other people
Sunda = Si kehed

10. Man or woman who has an
ugly face
Sunda = Goreng patut

11. Just take rest but didn't
sleep
Sunda = Gogoleran

12. Meals made from rice which
is covering by banana leaf and
have much of surprise inside
Sunda = Leupeut

13. The situation when your
brain need more oxygen
Sunda: Heuay

14. A woman who have
hillarious body like a Spain guitar
Sunda = Bahenol

15. People who have thought
more mature than her age
Sunda: Kokolot begog

16. A Type of People Who Have
a Long Chin
Sunda: Cameuh

17. A something that can
radiate the sparkling light
Sunda: Buricak Burinong

18. A very small plate, usually
used for pad of coffee cup
Sunda: Pisin

19. There's a little something
disgusting in your eyes
Sunda: Cileuh

20. That moment when you
walking after the rain and mud
is splattered on your shoes
Sunda: Jeblog

JODIAK minggon ayeuna Ramalan ceu Markonah,
Pirgo
- Pagawean nu cocok  : nambal ban kareta.
- Keuangan  : aya pemasukan saeutik tp lsng dipaok.
- Asmara  : bakal digegel ceuli ku mitoha.
Akuwarius
- Pagawean nu cocok  : tukang cilok
- Keuangan  : balangsak
- Asmara  : aya bencong nu resepeun
Piskes
- Pagawean nu cocok  : ngajualan boboko jeng buntil
- Keuangan  : sarebu sarebuna deui
- Asmara  : kabogoh rada torek, mun apel ulah poho mawa toa mesjid
Ariyes
- Pagawean nu cocok  : ngalaan tutut jeung keong
- Keuangan  : mun jualan tutut payu, nya pasti boga duit eta ge mun teu hoream sii
- Asmara  : can aya nu daekeun, cabutan heula bulu kelek geura juk
Tawurus
- Pagawean nu cocok  : ngangon meri
- Keuangan  : balakaciprut
- Asmara  : tong loba harepanlah beungeut sia minus
Gemini
- Pagawean nu cocok  : niupan bujur hayam.
- Keuangan  : sangsara tak berujung
- Asmara  : jomlo wae, buru neangan pelet
Kanser
- Pagawean nu cocok  : tukang mencetan sapi
- Keuangan  : can aya pemasukan lila keneh idul adhana ge
- Asmara  : aya nu resepeun ngan huntuna nolol
Leyo
- Pagawean nu cocok: dagang cai hujan
- Keuangan: can bisa senang atu da sia mah dagang cai hujan! Saha anu dek meuli
- Asmara: ganti heula eta rarai,ngarah payu.
Libra
- Pagawean nu cocok  : nyusahkeun batur.
- Keuangan  : ripuh.
- Asmara  : bakal aya nu bogoheun tapi budug nepika buuk-buuk
Sekorpio
- Pagawean nu cocok  : ngahampelasan huntu
- Keuangan  : bakal meunang undian ti kopi sarebu
- Asmara  : kapanggiheun pas salingkuh jeung munding
Sagitariyus
- Pagawean nu cocok   : tukang sedot tinja
- Keuangan  : bangkrut wae..da nyedot tinjana pake sedotan limun.
- Asmara  : kabogoh kawin jeung batur
Kaprikorn
- Pagawean nu cocok  : ngalaan kutu
- Keuangan  : nu aya dina dompet ngan kur KTP jeung bon hutang.
- Asmara   : dipikaresep ku tukang sorabi.
 


Tidak ada komentar:

Posting Komentar